HOME
Home » Ilmu tauhid » MUQADDIMAH

MUQADDIMAH

Posted at Maret 6th, 2017 | Categorised in Ilmu tauhid

بسم الله الرحمن الرحيم

اَلْحَمْدُ لِلّٰهِ الْمَوْجُوْدِ لِذَاتِهٖ. الْقَدِيْمِ الْبَاقِى الْمُخَالِفِ لِلْخَلْقِ الْغَنِيِّ لِذَاتِهٖ. الْوَاحِدِ الْقَادِرِ الْمُرِيْدِ الْعَالَيْمِ ذِى الْحَيَاةِ وَالسَّمْعِ وَالْبَصَرِ وَالْكَلَامِ الْقَدِيْمِ

وَالصَّلَاةُ وَالسَّلَامُ عَلٰى أَفْضَلِ الرُّسُلِ الصَّادِقِيْنَ فِي دَعْوَاهُم وَاَحْكَامِهِمْ اَلْمَعْصُوْمِيْنَ مِنْ مَنْهِيَاتِ الظَّاهِرِ وَالْبَاطِنِ الْمُبَلِّغِيْنَ لِمَا عَلَيْنَا تَصْدِيْقُهُ وَعَلٰى اٰلِهٖ وَصَحْبِهٖ اَجْمَعِيْنَ ( اَمَّا بَعْدُ) فَهٰذِهٖ رِسَالَةُ فِى بَيَانِ الْعَقَائِدِ الَّتِيْ هِيَ اُصُوْلُ الدِّيْن

Mangka sateuacanna tumandang kana bahasan anu dimaksud, didieu simkuring (sireum ateul) bade ngamuat muqoddimah bahasan Ilmu Tauhid, sakumaha anu diserat ku Muallif.

Diantawis eusi dina bahasan iyeu nyaeta :

1. Mertelakeun Mabadi Ilmu Tauhid, nyaeta anu dimaksud supados urang anu maos kana iyeu kitab/tulisan tambih sumanget.

2. Mertelakeun ta’rif Ahlis-sunnah wal jamaa’ah jeung Luar ahlis-sunnah( selain ahlis-sunnah wal jamaa’ah ), mung sakadar pikeun ngabedakeun wungkul, jadi ngan garis gedena wungkul.

3. Mertelakeun Ma’rifat anu wajib diusahakeun nana ku tiap jalma Mukallaf ( baligh tur boga akal).

 

 MABADI ILMU TAUHID

Dina danget iyeu sakadang sireum ateul bade nyutatkeun naon anu aya dina moqoddimah tadi nyaeta ngadugikeun MABADI ILMU TAUHID.


Atuh peryogi ka uninga ka satiap-tiap jalma anu bade ngaos kana hiji Fan (cabang ilmu) naon bae, mangka kedah ngabahas heula kana mabadi na( dasar-dasar pokok jeung tujuan) tina eta elmu, malahmandar sangkan tambah teguh jeung semangat kana di ajarna.


Dupi Mabadi tina tiap-tiap elmu, eta aya sapuluh seueurna, sakumaha iyeu katerangan anu dikandung dina nadhom :

اِنَّ مَبَادِيَّ كُلِّ فَنٍ عَشَرَةٌ * اَلْحَدَّ وَالْمَوْضُوْعُ ثُمَّ ثَمَرَه

وَفَضْلُهُ وَنِسْبَةٌ وَالْوَاضِعُ * وَالْاِسْمُ الْاِسْتِمْدَادُ حُكْمُ الشَّارِعُ

مَسَائِلُ وَالْبَعْضُ بِالْبَعْضِ اكْتَفٰى * وَمَنْ دَرٰى الْجَمِيْعَ حَازَا الشَّرَفا

Hartosna : Saenyana Mabadi tiap-tiap elmu (pirang-pirang anu peryogi diuningakeun dina mimiti ngaji tiap-tiap Fan warna elmu) eta aya sapuluh rupa.

1. Had na (ta’rifna/palenggeran nana/ definisi na.

2. Mawdlu’ na tegesna anu diolahna atawa anu digarapna ku eta elmu (obyekna).

3. Tsamroh na tegesna buahna atawa hasilna tina eta elmu.

4. Fadlilah na atawa kaunggulan nana tina eta elmu.

5. Nisbat na hubungan nana jeung elmu-elmu anu sejenna.

6. Waadli’ na tegesna saha anu ngaturna jeung merenahkeun nana eta elmu ( subjekna).

7. Ismuhu tegesna ngaranna/julukan nana eta elmu.

8. Istimdad na tegesna sumber panyokotan nana atawa asal-usulna eta elmu.

9. Hukum syara’na ngaji eta elmu.

10. Mas_alah-mas_alah anu dibahas ku eta elmu.

Mangka sing saha wae anu apal, sanajan ngan ukur sawareh tina mabadi, mangka eta geus cukup, jeung saha bae jalmana anu apal kabeh kana Mabadi tiap-tiap elmu, mangka tangtu eta jalma bakal meunang kamulyaan(karomah).

Sireum ateul

Kanggo bubuka di alap cekap insya Alloh kapayun bakal diguar hiji-hijina mabadi anu sapuluh tea.

HAD ILMU TAUHID

Salajengna sakadang Sireum ateul bade ngawincik ngawiji-wiji Mabadi dina babagan ilmu Tauhid, kumargi kitu atuh pantes pisan dina ngabahasna teh kana Mabadina ilmu Tauhid anu sapuluh tea, nyaeta nomer kahijina HAD ilmu tauhid anu palenggeran nana teh nyaeta :


1. HAD na Ilmu Tauhid : 


فَحَدُّهُ لُغَةً : اَلْعِلْمُ بِأَنَّ الشَّيْئَ وَاحِدٌ

وَشَرْعًا : بِمَعْنٰى فَنِ الْمَدُّوْنِ عِلْمٌ يُبْحَثُ فِيْهِ عَنْ اِثْبَاتِ الْعَقَائِدِ الدِّيْنِيَّةِ الْمُكْتَسَبُ مِنْ اَدِلَّتِهَا الْيَقِيْنِيَّةِ، وَبِغَيْرِ مَعْنٰى الْفَنِّ الْمُدَوَّنِ : اِفْرَادُ الْمَعْبُوْدِ بِالْعِبَادَةِ مَعَ اعْتِقَادِ وَاحْدَتِهٖ ذَاتًا وَصِفَاتٍ وَاَفْعَالًا


FAHADDUHU LUGHOTAN, AL-‘ILMU BI_ANNASY-SYAY_A WAAHIDUN.

WA SYAR’AN, BI MA’NAA FANIL-MUDAWWANI ‘ILMUN YUBHATSU FIIHI ‘AN ITSBAATIL-‘AQOO_IDID-DIINIYYATIL-MUKTASABU MIN ADILLATIHAAL-YAQIINIYYATI.

WA BIGHOYRI MA’NAL-FANNIL-MUDAWWANI : IFROODUL-MA’BUUDI BIL-‘IBAADATI MA’A’TIQOODI WAHDATIHII DZAATAN WA SHIFAATIN WA AF’AALAN.


Hartosna : Ari Tauhid ceuk lughot (bahasa) mah nyaeta, nyaho kana yen perkara teh sahiji.

Ari tauhid ceuk Syara’ mah lamun bae nurutkeun Fan Mudawwan (tegesna elmu anu dibukukeun) nyaeta, hiji elmu anu ngabahas kana netepkeun patekadan agama anu diusahakeun elmuna tina dalil-dalil anu yaqin, saperti Dalil ‘aqli( dalil ceuk akal) jeung dalil Naqli anu Qoth’iyyi tina Hadits jeung Qur’an.

Ari tauhid ceuk Syara’ mah, lamun nurutkeun kana Fan anu henteu di bukukeun mah nyaeta, ngawungkulkeun kanu di sembah, tunggal dzatna, sifatna, jeung af’alna.


Sakitu anu ka pihatur ti sakdang Sireum ateul dina penjelasan Palenggeran Had Ilmu tauhid secara garis gedena.

Upami hoyong langkung jelasna mah kedah di Majlis pangaosan da dibahas didieu mah teu kauntup ngetikna.

Sireum ateul

MAWDLU ILMU TAUHID

Anu parantos kasebat tur kasabit ku sireum ateul dina bahasan Mabadi pikeun ilmu tauhid, mangga ayeuna urang lajengkeun deui kana guaran anu salajengna nyaeta bagian MAWDLU’na ilmu tauhid.


Nu disebat Mawdlu teh nyaeta :


وَمَوْضُوْعُهُ ذَاتُ اللّٰهِ وَذَاتُ رُسُلِهٖ مِنْ حَيْثُ مَايَجِيْبُ وَمَا يَسْتَحِيْلُ وَمَايَجُوْزُ وَالْمُمْكِنُ مِنْ حَيْثُ اَنَّهُ يُسْتَدَلُّ بِهٖ عَلٰى وُجُوْدِ صَانِعِهٖ، وَالسَّمْعِيَّاتُ مِنْ حَيْثُ اِعْتِقَادُهَا


WA MAWDLU’UHUU DZAATULLOOHI WA DZAATU RUSULIHII MIN HAYTSU MAA YAJIIBU WA MAA YASTAHIILU WA MAA YAJUUZU WAL-MUMKINU MIN HAYTSU ANNAHUU YUSTADALLU BIHII ‘ALAA WUJUUDI SHOONI’IHII WAS-SAM’IYYAATU MIN HAYTSU I’TIQOODUHAA.


Hartosna : Ari mawdlu’na atawa anu diolah ku ilmu tauhid teh nyaeta Dzat Alloh jeung Dzat Rosul-rosulna, tina palebahan sifat-sifatna anu wajib, anu mustahil, jeung anu wenang, jeung mumkin atawa makhluk tina palebahan bisa dipake Dalil kana ayana anu ngadamelna. Jeung katerangan anu karungu (kakuping) ti Alloh jeung ti Rosulna anu wajib ditekadkeun nana.


Jadi atuh anu dibahas ku elmu Tauhid teh nyaeta :

1. Sifat-sifat anu wajib di Alloh, anu mustahil di Alloh, jeung anu wenang di Alloh.


2. Sifat anu wajib, anu mustahil, jeung anu wenang dipara Rosul.


3. Makhluk, pedah sok dipake dalil kana ayana anu ngadamelna.


4. Sam’iyyat, tegesna katerangan anu karungu atanapi ka tampi tina Al-Qur’an jeung Al-Hadits anu shohih anu aya patalina jeung patekadan.


Sakitu dialap-cekap dina ngabahas Mabadi Ilmu tauhid anu kadua, nyaeta Mawdlu’.

Sireum ateul

TSAMROH ILMU TAUHID

Alhamdulillaah dina danget ayeuna tiasa pajonghok deui sareng Sireum Ateul, anu bade ngalajengkeun catetan anu teu acan rengse dina ngaguar Mabadi na ilmu Tauhid. 

Mabadi Ilmu Tauhid anu nomer tilu (3) nyaeta TSAMAROH (BUAH) ILMU TAUHID.

Dupi anu disebat Tsamaroh dina elmu tauhid teh, nyaeta :

وَثَمْرَتُهُ مَعْرِفَةُ صِفَاتِ اللّٰهِ تَعَالٰى وَرُسُلِهٖ بِالْبَرَاهِيْنِ 

الْقَطْعِيَّةِ وَالْفَوْزُ بِالسَّعَادَةِ الْاَبَدِيَّةِ.

WA TSAMROTUHUU MA’RIFAT 

SHIFAATILLAAHI TA’AALAA WA RUSULIHII BIL-BAROOHIINIL-QOTH’IYYATI WAL-FAWZU BIS-SA’AADATIL-ABADIYYATI.

Hartosna : Ari buahna atanapi faidahna ilmu tauhid teh nyaeta, ku ngaji na kana eta ilmu tauhid teh bisa nyaho kana sifat-sifatna Alloh sinareng Rosul-Rosulna, ku dalil-dalil anu pasti benerna.


Ka duana ku ngajina kana eta ilmu tauhid teh meunang ka bagjaan anu alus tur anu henteu aya tungtungna dipoe akherat.

Tah eta teh hasil (Tsamroh/buah) tina ngaji ilmu tauhid. Jadi atuh tos jelas ayeuna mah yen saupama urang hayang meunang ka bagajaan anu henteu aya tungtungna di akherat maka hayu atuh urang dileukeunan saeutik-saeutik ngaderes deui kana ngaji ilmu tauhid malah mandar leuwih kandel tur pageuhna patekadan urang sadayana.

FADLOL ILMU TAUHID

Mangga suang lajengkeun deui dina ngaguar kana Mabadi Ilmu tauhid anu nomer opat(4) nyaeta Fadlol( ka unggulan) ilmu tauhid.


Dupi fadlol ilmu tauhid teh, nyaeta :


وَفَضْلُهُ اَنَّهُ اَشْرَفُ الْعُلُوْمِ


WA FADLLUHUU ANNAHUU ASYROFUL-‘ULUUMI


Hartosna : Ari ka unggulan nana ilmu tauhid teh eta jadi pangutamana elmu, karana eta elmu teh hubungan nana jeung Dzat Alloh sarta hubungan nana jeung Dzat Rusul(utusan) nana.


Sedengkeun henteu aya anu leuwih mulya tinimbang Alloh oge para Rusul Alloh, eta kapan makhluk-makhluk anu di mulyakeun ku Alloh.


Atuh tangtu anu ngabahas sareng anu kersa ngaos kana sifat-sifatna oge bakal kabagean kaMulyaan nana. 


Ku hal sakitu hayu urang leuwih soson-soson dina diajarna sangkan mundel tur berlipet dina hasilna. Da Sireum ateul (pirbadi)mah can katepi.

Tah sakitu garis gede tina bab ka unggulan Ilmu tauhid, mudah-mudahan jadi beuki sumanget kana muka bahasan anu salajengna, nyaeta Nisbatna Ilmu Tauhid.

NISBATNA ILMU TAUHID

Salajengna dina bahasan Mabadi Ilmu Tauhid aya poin anu disebat NISBATNA ILMU TAUHID.

Tah dina ngaguar Nisbatna ilmu tauhid mah sireum ateul bade nyutat sa ayana dina kitabna wae.


Dupi palenggeran Nisbatna Ilmu Tauhid teh, nyaeta :


وَنِسْبَتُهُ اَنَّهُ اَصْلُ الْعُلُوْمِ وَمَا سِوَاهُ فَرْعٌ عَنْهُ


WA NISBATUHUU ANNAHUU ASHLUL-‘ULUUMI WA MAA SIWAAHU FAR’UN ‘ANHU.


Hartosna : Dupi Nisbatna ilmu tauhid di bandingkeun jeung elmu anu sejenna, eta elmu Tauhid teh lir ibarat tangkalna. Sedengkeun elmu anu sejenna mah lir ibarat dahan-dahanna anu matak ngaranna oge Ushuluddin anu hartina Pokokna agama atawa tangkalna agama.


Saolah-olah pandemen(pondasi) sedengkeun ari elmu anu sejenna mah kabeh oge numpang atawa nempel kadinya.


Tapi sanajan disebut pokok atawa pondasi, lain berarti elmu anu sejenna henteu penting….!!!


Ayeuna suang di ibaratkeun wae kana hiji bangungan imah, atuh tangtu ari bangunan imah teh aya Pondasi, adeg-adeg sapuratina, terus di cet mih beuki hade, tah eta kakara bisa disebut bangunan imah. 


Tah dina Agama oge kitu, teu cukup ayeuna ku ngulik atawa ngaji kana elmu Ushuluddin wungkul, da kudu aya ilmu fiqih jeung Tasawwufna supaya cocok dina Iman, Islam jeung Ihsan.


Sakitu nu kapihatur dina ngaguar Mabadi Ilmu tauhid dina bab Nisbatna Ilmu tauhid. Kirang langkungna nyuhunkeun agunging pangapunten.

Sireum ateul

WADLI’na ILMU TAUHID

Salajengna guaran Mabadi dina ilmu tauhid anu nomer genep(6) Nyaeta : WADLI’na Ilmu tauhid.


Dupi anu disebat Wadli’ ilmu tauhid teh nyaeta : 


وَوَاضِعُهُ اَبُو الْحَسَنْ اَلْاَشْعَرِيُّ وَمُتَابِعُهُ وَاَبُو مَنْصُوْر اَلْمَاتُرِدِيُّ وَمُتَابِعُهُ


WA WADLI’UHUU ABUL-HASAN AL-ASY’ARIYYU WA MUTAABI’UHUU WA ABU MANSHUR AL-MAATURIDIYYU WA MUTAABI’UHUU.


Hartosna : Ari anu pangheulana nyusun kana Ilmu tauhid teh nyaeta : Imam Abul-Hasan al-Asy’ary jeung para panganutna/pengikutna. Oge Imam Abul-Manshur al-Maturidiy jeung para pangikutna.


Tapi sabenerna eta Elmu Tauhid teh ti kawit zaman Nabi Adam ‘alayhis-salaam oge dugi ka Kangjeng Nabi Muhammad Shollallohu ‘alayhi wa sallam parantos aya, da sadayana para Rusul pada nerangkeun elmu Tauhid, malah di utusna oge ku Alloh teh dipiwarang ngajak Tauhid.


Namung ku margi Abul-Hasan al-Asy’ary sareng Abul-Manshur al-Maturidiy anu pang masyhurna dina ngabuku_keun iyeu Elmu sareng ngadegkeun kana Dalil-dalilna pikeun nolak/nentang kana Aqidah-aqidah anu batal( sasar ).


Maka atuh Aranjeunna( Abul-Hasan al-Asy’ary sareng Abul-Manshur al-Maturidiy) anu katelah anu ngatur sareng nyusunna kana elmu Tauhid.


Dupi Abul-Hasan al-Asy’ariy lahirna teh taun : 260 Hijriyyah di Bashroh(Irak) sareng wafatna taun : 324.H.


Dupi Abul-Manshur al-Maturidiy lahir di Desa Maturid Samarqondi, kumargi teu aya qaul anu kuat anu ngajelaskeun kana waktos kelahiran nana, jadi didieu Sireum ateul oge teu wantun nyantumkeun nana. Dupi wafatna nyaeta taun 333 H.


Dupi penerusna eta seueur pisan anu dugi ka urang samudayana, mung tina sapalihna penerus eta bade di cantumkeun dina iyeu guaran, diantawisna nyaeta :

1. Imam Abu Bakar al-Qoffal, wafat taun : 365  H.


2. Imam Abu Ishaq al-Asfaroyiin, wafat taun : 411 H.


3. Imam al-Hafidh al-Bayhaqqi, wafat taun : 458 H.


4. Al-Imam al-Haromayn al-Juwayni, wafat taun : 460 H.


5. Al-Imam al-Qosim al-Qusyayri, wafat taun : 465 H.


6. Al-Imam al-Baqilaani, wafat taun : 403 H.


7. Al-Imamul-Ghozaali, wafat taun : 505 H.


8. Al-Imam Fakhrud-diin ar-Roozii, wafat taun : 606 H.


9. Al-Imam ‘Izzuddiin bin ‘Abdus-salaam, wafat taun : 660 H.


Iyeu sadayana panerus perjuangan Abul-Hasan al-Asy’ariy, dina faham Ahlis-sunnah wal-jama’ah.

Teras ka ayeunakeun nana seueur deui panerus-panerusna, ti antawisna :


1. Asy-Syekh as-Sanuusi, pengarang kitab As-Sanuusiyyah sareng kitab-kitab anu sanesna.


2. Asy-Syekhul-Islaam Syekh ‘Abdulloh asy-Syarqowwi, anu wafatna taun : 1227 H. Nyaeta pengarang kitab anu mashur nyaeta : Asy-Syarqowwi.


3. Asy-Syekh Ibroohim al-Bajuuriy, anu wafatna taun : 1272 H. Pengarang kitab syarah as-Sanusi anu mashur, kitab Tahqiiqul-Maqom syarah Kifayatul-‘Awaam, kitab Tuhfatul-Muriid Syarah kitab Jawhar Tauhid, sareng kitab-kitab anu sanesna.


4. Al-‘Alaamah asy-Syekh Muhamad an-Nawaawi Banten, nyaeta Ulama Indonesia anu wafatna taun : 1315 H. Pengarang kitab syarah Tijanud-Darooriy, Fathul-Majid, syarah ad-Durorul-Fariid, sareng seueur deui penerus anu sanesna.


Kumargi heureut pakeun pungsat bahan,

Sireum ateul mung ngdugikeun sakitu ayana. Mudah- mudahan urang samudayana tiasa nguningakeun salasawios penyusun dina babagan Mabadi Ilmu Tauhid bagian Wadli’na ilmu tauhid.


Insya Alloh kanggo salajengna urang bakal ngalengkah kana bagian WASMUHU( ngaran kitab ).

 

Salajengna dina bahasan Mabadi Ilmu Tauhid anu nomer Tujuh (7) nyaeta, nganyahokeun Ngaranna eta kitab/tulisan eta Fan( cabang ilmu) anu bade dibahas.


Dupi ngaranna iyeu seratan, eta seueur pisan, dugi ka aya dalapan (8) ngaran, anu dalapan teh nyaeta :

  1. Ilmu Ushuludin
  2. Ilmu Tauhid
  3. Ilmu Kalam
  4. Ilmu ‘Aqoid
  5. Ilmu Shifat 20
  6. Ilmu Ilahiyyah
  7. Ilmu Ma’rifat
  8. Ilmu Haqiqat


Tah ku lobana ngaran teh ngajadi tanda jeung nuduhkeun kana yen Mulya_na anu dingarannan.


Tah dina ngaguar WASMUHU mah dialap cekap sakitu wae, da dipanjang-panjang oge kadinya keneh kadinya keneh.


Ngan insya Alloh, dina seratan anu bakal karandapan mah tangtos tina sajudul-judulna teh bakal rada panjang. 

ISTIMDADNA ILMU TAUHID

Saparantosna urang nguningakeu naon bae ngaran atanapi julukan nana iyeu seratan, anu parantos di guar dina WASMUHU, ayeuna Sireum ateul bade ngalajengkeun deui kana bahasan anu salajengna dina Bab Mabadi Ilmu Tauhid anu nomer ka Dalapan (8) nyaeta ISTIMDADNA ILMU TAUHID.


Dupi Istimdadna Ilmu Tauhid teh nyaeta : 


وَاِسْتِمْدَادُهُ مِنَ الْاَدِلَّةِ الْعَقْلِيَّةِ وَالنَّقْلِيَّةِ


WA ISTIMDAADUHU MINAL-ADILLATIL-‘AQLIYYATI WAN-NAQLIYYATI.


Hartosna : Dupi pangalapan atanapi Sumber panyokotan nana. Pusatna Ilmu Tauhid nyaeta, tina Dalil ‘aqli jeung dalil Naqli ( Ari dalil Naqli tegesna dalil anu alap/dicandak tina Al-Qur’an sareng tina Hadits-Hadits anu Shohih.


Bilih para Maos kabingungan milarian materi hiji-hiji, simkuring nyayogikeun tempat anu ngamuat per BAB. Mangga tiasa di tingali di Didieu da anapon eusina mah sami keneh.

HUKUMNA NGAJI ILMU TAUHID

Ari panungtungan (9) tina bahasan Mabadi Imlu Tauhid nyaet HUKMUHU.


Ayeuna urang kanyahokeun kumaha atuh ari hukumna ngaji kana ilmu Tauhid teh…??

Ari hukumna ngaji kana Ilmu Tauhid teh nyaeta :


وَحُكْمُهُ اَلْوُجُوْبُ الْعَيْنِيُّ عَلٰى كُلِّ مُكَلَّفٍ مِنْ ذَكَرٍ وَاُنْثٰى 


WA HUKMUHU AL-WUJUUBU ‘ALAA KULLI MUKALLAFIN MIN DZAKARIN WA UNTSAA.


Hartosna : Ari Hukum Syara’na ngaji jeung ngarti kana Ilmu Tauhid teh, eta Fardlu ‘ayn (tegesna hentu pilih bulu) kudu nyaho tiap-tiap sirah pikeun jalma-jalma Mukallaf (baligh tur boga akal) rek ka lalaki atawa ka awewe.


Mangka atuh doraka lamun henteu nyaho nana teh,  malah bisa disebut masih keneh aya dina ka Kufuran nyaeta henteu sah Sholatna, shaumna, jeung sagalarupa amal ibadahna lamun seug acan Tauhid bari langgen deuih dina Narakana.


Tah iyeu pisan anu mantak Ilmu Tauhid teh eta anu kudu pangheulana di ajina ku tiap-tiap jalma Mukalaf, terus Ngaji Ilmu Fiqih, terus Nagji Ilmu Tashawwuf, tah anu tilu iyeu Fardu ‘Ayn Di Ajina.


Ari anu disebat jalma Mukallaf teh nyaeta, jalma anu baligh tur boga akal oge salamet pancainderana, sok sanajan ngan ukur panon atawa pangdengena wungkul tur katepi ku salasahijina Rosul anu Da’wah, atawa ku jalma anu nepikeun kana syari’at anu di da’wahkeun ku Rosul ka manehna.


Jadi atuh hanteu ka sebut jalma anu Mukallaf lamun seug eta jalma teh : 

Budak leutik

Anu gelo

Anu lolong bari torek( budeg) lamun lolong jeung torek nana teh ti sateuacan baligh. 


Jeung teu ka asup kana golongan jamla Mukallaf jalma anu ahli Fatrah( tegesna jalma-jalma anu henteu ka tepi ku pangundang Rosul) sanajan manehna nyembah Berhala, karana dawuhan Alloj dina surat (Al-Isro : ayat 15 ) anu unggelna :


وَمَا كُنَّ مُعَذِّبِيْنَ حَتَّى نَبْعَثَ رَسُوْلاً

WAMAA KUNNA MU’ADZDZIBIINA HATTA NAB’ATSA ROSUULAN.

Hartosna : ” Jeung moal nyiksa Kami ka kaum, sahingga Kami ngutus Rosul”.

Malah Ibu Rama Kangjeng Nabi Muhammad Shollallohu ‘alayhi wasallam oge, kalebetkeun kana Ahli Fatrah.

Mangka Atuh kagolong ka Jalma anu salamet, malah mah ka lebetkeun kana Ahli Islam, margi aya Hadits anu nerangkeun yen saparantosna Nabi di utus, teras Anjeunna nyuhunkeun ka Alloh supados Ibu- Ramana di hirupkeun deui. 

Terus ku Alloh di hirupkeun deui, da gampil wae eta kitu teh pikeun Alloh mah. Komo iyeu mah enggal di Ijabah da Kakasihna, teras Ibu-Ramana IMAN. Geus kitu di Maotkeun deui. 

Iyeu Hadits sanajan dloif menurut ahli dhohir, tapi numutkeun Ahli haqiqat mah SHOHIH.

Sabab ari Ahli dhohir mah ngan sakadar naliti Rawi na sedengkeun Ahli Haqiqat mah MUKASYAFAH (terbuka).

Sahingga nalika Mukasyafah tiasa langsung berhadapan sareng Rosululloh, teras ditaroskeun.

Jadi keur urang mah, karana ngamulyakeun ka Kangjeng Nabi Muhammad, mangka kudu nekadkeun yen ” Ibu-Rama na” Kangjeng Nabi teh, eta kalebet kana golongan Anu Salamet. Boh make alesan yen “Aranjeunna”  kalebet Ahli Fatrah atawa numutkeun kana Hadits anu tadi kasebat.

MASALAH-MASALAH ILMU TAUHID

Dupi masalah-masalah dina Ilmu tauhid teh nyaeta :

وَمَسَائِلُهُ قَضَايَاهُ الْبَاحِثَةُ عَنِ الْوَاجِبَاتِ وَالْجَائِزَاتِ وَالْمُسْتَحِيْلَاتِ

WA MASAA_ILUHU QODLOOYAAHUL-BAAHITSATU ‘ANIL-WAAJIBAATI WAL-JAAIZAATI WAL-MUSTAHIILAATI.

Hartosna : Ari masalah-masalahna Ilmu Tauhid teh nyaeta, Qadiyah-Qadiyah anu ngabahas kana sifat anu Wajib, Wenang jeung Mustahil di Alloh sarang para Rosulna.

Dicekapkeun sakieu bae dina ngababar Mabadi Ilmu Tauhid anu sapuluh anu karangkum dina Nadhom tipayun.

Insya Alloh guaran anu bakal dongkap urang coba ngulas sareng nguningakeun sakedik anu aya patalina sareng


AHLIS-SUNNAH WAL-JAMA’AH


Related Post to MUQADDIMAH

DALIL SIFAT WUJUD

Posted at 17 Maret 2017

Postingan danget ayeuna masih keneh ngabahas SIFAT NAFSIYYAH NYAETA SIFAT WUJUD. Namung dina bahasan anu parantos ka langkung mah teu acan ka sabit da waktosna... Read More

BAGIAN KAHIJI MERTELAKEUN SIFAT NAFSIYYAH

BAGIAN KAHIJI MERTELAKEUN SIFAT NAFSIYYAH

Posted at 15 Maret 2017

Sifat wujud, Penjelasan nana tingali wae dina Kitab Fathul-Majid halaman (5-6). 313, sireum ateul, kopi 313.... Read More

SALASAWIOS PENGERTIAN MASALAH DALIL

SALASAWIOS PENGERTIAN MASALAH DALIL

Posted at 14 Maret 2017

Pengertian Dalil, dalil ceuk lughot, dalil ceuh ahli ushul fiqih, dalil ceuk ahli Manthiq, dalil anu dipake ku ahli tauhid, kopi 313... Read More

BABAGIAN SIFAT DUA PULUH

BABAGIAN SIFAT DUA PULUH

Posted at 13 Maret 2017

Babagian sifat 20 Sifat Nafsiyyah, Sifat Salbiyyah, Sifat Ma'aniy, Sifat Ma'nawiyyah, Sireum ateul, 313, Nyukcruk galur sifat-sifat nu maha Agung... Read More

AQOID ILAAHIYYAT

AQOID ILAAHIYYAT

Posted at 12 Maret 2017

Sifat 20, sifat anu wajib, anu Mustahil, sareng jaiz di Alloh, 313, Aqoid ilaahiyyat, sireum ateul, nyufi... Read More