HOME
Home » Ilmu tauhid » [ FASAL KATILU MERTELAKEUN HUKUM SYARA’]

[ FASAL KATILU MERTELAKEUN HUKUM SYARA’]

Posted at Februari 28th, 2017 | Categorised in Ilmu tauhid

Ari ta’rifna hukum syara’ nyaeta : 


وَالْحُكْمُ الشَّارِعُ هُوَ كَلَامُ اللّٰهِ تَعَالٰى اَلْمُتَعَلِّقُ بِفِعْلِ الشَّخْصِ مِنْ حَيْثُ التَّكْلِيْفُ اَوِالْوَضْعُ لَهُ 


WAL-HUKMUSY-SYARI’U HUWA KALAAMULLOOHI TA’ALA AL-MUTA’ALLIQU BIFI’LISY-SYAKHSHIN MIN HAYTSUT-TAKLIIFU AWIL-WADL’U LAHUU


Hartosna : Dupi palenggeran Hukum syara’ teh nyaeta ; Dawuhan Alloh ta’ala anu hubungan jeung pagawean Mukallaf ( jalma baligh tur boga akal) tina palebahan nitah jeung migawe atawa ngatur kana panitah. 


Mangka atuh bisa difaham tina eta ucapan ” MIN HAYTSUT TAKLIIFU ” eta isyarah kana khithob taklif, dupi ucapan ” AWIL-WADL’U ” Eta isyarah kana kana khithob wadl’i. 


Jadi atuh hukum syara’ teh kabagi kana dua (2) bagian, nyaeta :


1. Khithob Taklif nyaeta ; parentahan boh nitah migawe, saperti Migawe wajib jeung migawe Sunnah. Atawa nitah eureun migawe, saperti ; migawe anu Haram jeung Makruh.


2. Khithob Wadl’i nyaeta anu ngatur kana khithob taklif.

KHITHOB TAKLIF

Ari anu disebat Khithob Taklif teh nyaeta : 


هُوَ كَلَامُ اللّٰهِ تَعَالٰى اَلْمُتَلِّقُ بِفَعْلِ الشَّخْصِ مِنْ حَيْثُ التَّكْلِيْفِ اَوِ التَّخْيِيْرِ


HUWA KALAAMULLOOHI TA’ALAA AL-MUTA’ALLIQU BI FI’LISY-SYAKHSHI MIN HAYTSUT-TAKLIIFI AWIT-TAKHYIIRI.


Hartosna : Ari palenggeran Khitob Taklif teh nyaeta dawuhan Alloh ta’ala anu hubungan patali jeung pagawean mukallaf tina palebahan nitah migawe atawa milih.


Salajengna dupi khitob difaham tina ta’rif, eta aya lima (5) bagian, nyaeta :


1. Ijab ( wajib).


2. Tahriim ( haram ).


3. Nadbu ( sunnah ).


4. Karoohah ( makruh ).


5. Ibaahah ( wenang ceuk syara’ ).

IJAB/WAJIB

Ari ta’rifna wajib nyaeta :


اَلْاِيْجَابُ هُوَ كَلَامُ اللّٰهِ تَعَالٰى اَلْمُتَعَلِّقُ بِطَلِبِ فِعٍلٍ الشَّيْئِ طَلَبًا جَازِمًا 


AL-IJAABU HUWA KALAAMULLOOHI TA’ALAA AL-MUTA’ALLIQU BITHOOLIBI FI’LISY-SYAY_I THOLABAN JAAZIMAN.


Hartosna : Dupi palenggeran Ijab nyaeta dawuhan Alloh ta’ala anu patali kana nitah migawe hiji perkara kalawan panitah anu kukuh, tegesna anu misti dipigawena.


Saperti dawuhan Alloh ta’ala ” WA AQIIMUSH-SHOLAATA WA AATUZ-ZAKAATA ” Hartosna kudu ngadegkeun aranjeun kana sholat, jeung kudu pada mikeun aranjeun kabeh kana zakat. (Al-baqoroh).


Mangka hukum Ijab dimana geus patali jeung pagawean, eta disebutna Wajib, saperti dina conto anu nembe. 


Ari hukumna eta disebut Ijab, ari sholatna jeung zakatna eta disebut Wajib, saperti conto anu nembe.


Ari ta’rifna Wajib ceuk syara’ nyaeta :


مَا يُثَابُ عَلٰى فِعْلِهٖ وَيُعَاقَبُ عَلٰى تَرْكِهٖ 


MAA YUTSAABU ‘ALAA FI’LIHII WA YU’AAQOBU ‘ALAA TARKIHII


Hartosna : Ari teh sakur perkara anu jadi ganjaran dipigawena, jeung jadi siksaan di tinggalna.

AT-TAHRIM (HARAM)

Ari ta’rifna At-Tahrim nyaeta : 


اَلتَّحْرِيْمُ هُوَ كَلَامُ اللّٰهِ تَعَالٓى اَلْمُتَعَلِّقُ بِطَلَبِ تَرْكِ الشَّيْئِ طَلَبًا جَازِمًا


AT-TAHRIIMU KALAAMULLOOHI TA’ALAA AL-MUTA’ALLIQU BITHOLABI TARKISY-SYAY_I THOLABAN JAAZIMAN.


Hartosna : Dupi Tahrim teh nyaeta dawuhan Alloh ta’ala, anu patali kana nitah ninggalkeun perkara kalawan nitah anu kukuh.


Saperti dawuhan Alloh ta’ala : ” WALAA TAQROBUZ ZINAA ” ( AL-Isro’ 32) anu hartosna : Ulah dukeut-deukeut aranjeun kabeh kana zina.

Ari hukum zina eta disebut Tahrim, ari pagawean zina eta disebutna Haram( larangan ).

#sireum ateul


Ari ngaran ( Ta’rif ) haram nyaeta : 


مَا يُعَاقَبُ عَلٰى فِعْلِهٖ وَيُثَابُ عَلٰى تَرْكِهٖ 


MAA YU’AQOBU ‘ALAA FI’LIHII WA YUTSABU ‘ALAA TARKIHII


Hartosna : Nyaeta sakur-sakur perkara anu jadi siksaan dipigawena jeung jadi ganjaran ditinggalkeun nana, tapi lamun make niyat karena Alloh ninggalkeun nana teh.

AN-NADBU (SUNNAH)

Ari ta’rifna Nadbu teh nyaeta :


اَلنَّدْبُ هُوَ كَلاَمُ اللّٰهِ تَعَالٰى اَلْمُتَعَلِّقُ بِطَلَبِ فِعْلِ الشَّيْئٍ طَلَبًا غَيْرَ جَازِمًا 


AN-NADBU HUWA KALAAMULLOOHI TA’AALAA AL-MUATA’ALLIQU BITHOLABI FI’LI SYAY_I THOLABAN GHOYRO JAAZIMAN.


Hartosna : Ari palenggeran Nadbu nyaeta Dawuhan Alloh ta’ala anu larap kana nitah migawe hiji perkara kalawan panitah anu henteu kukuh.


Saperti dawuhan Alloh ta’alaa : 

” WA MINAL-LAYLI FATAHAJJAD BIHII NAAFILATAN LAKA (Al-isro : 79) 

anu pihartoseun nana : Jeung tina sabagian peuting, Tahajud anjeun halna tambahan pikeun anjeun. 


Tah iyeu ayat teh, nuduhkeun kana Nadbu atawa sunnah Tahajud nisbat ka urang, da pikeun kangjeng Nabi Muhammad mah wajib tahajud teh, anu jadi tambahan sholat anu lima.

Sireum ateul


Ari hukum Tahajud eta Nadbu atawa sunnah, ari pagawean Tahajud eta disebut Mandub. 


Ari ta’rif Mandub nyaeta : 


مَا يُثَابُ عَلٰى فِعْلِهٖ وَلاَ يُعَاقَبُ عَلٰى تَرْكِهٖ 


MAA YUTSAABU ‘ALAA FI’LIHII WA LAA YU’AAQOBU ‘ALAA TARKIHII


Hatrosna : Ari Mandub teh nyaeta sakur-sakur perkara anu jadi ganjaran dina dipigawena jeung teu jadi siksaan ditinggalkeun nana.

AL-KAROOHAH (MAKRUH)

Ari ta’rif Karoohah nyaeta :


اَلْكَرَاهَةُ هِيَ كَلًامُ اللّٰهِ تَعَالٰى اَلْمُتَعَلِّقُ بِطَلَبِ تَرْكِ الشَّيْئِ طَلَبًا غَيْرَ جَازِمًا


AL-KAROOHATU HIYA KALAAMULLOOHI TA’AALAA AL-MUTA’ALLIQU BITHOLABI TARKISY-SYAY_I THOOLABAN GHOYRO JAAZIMAN.


Hartosna : Ari palenggeran Karohah nyaeta dawuhan Alloh ta’ala anu larap atawa patali kana nitah ninggalkeun kana perkaran kalawan panitah nana teh anu henteu kukuh.


Dupi contona saperti : Maca Qur’an dina nalika ruku atawa sujud, atawa dagang boeh khusus pikeun bungkus mayit bari ngaharepkeun loba anu maraot.


Ari ta’rif makruh nyaeta : 


مَا يُثَابُ عَلٰى تَرْكِهٖ وَلَا يُعَاقَبُ عَلٰى فِعْلِهٖ


MAA YUTSAABU ‘ALAA TARKIHII WA LAA YU’AAQOBU ‘ALAA FI’LIHII.


Hartosna : Sakur-sakur perkara anu di ganjar anu ninggalkeun nana, jeung henteu di siksa anu migawena.

AL-IBAHAH (MUBAH)

Ari ta’rifna Al-Ibahah nyaeta :


اَلْاِبَاحَةُ هِيَ كَلَامُ اللّٰهِ تَعَالٰى اَلْمُتَعَلًِقُ بِالتَّخْيِيْرِ بَيْنَ فِعْلِ الشَّيْئِ وَتَرْكِهٖ 


AL-IBAAHATU HIYA KALAAMULLOOHI TA’ALAA AL-MUTA’ALLIQU BIT-TAKHYIIRI BAYNA FI’LISY-SYAY_I WA TARKIHII.


Hartosna : Ari ngaran Ibahah teh nyaeta dawuhan Alloh ta’ala anu larap kana meunang milih antara meunangna migawe jeung ninggalkeun migawe hiji perkara.


Sapertu dawuhan Alloh ta’ala : ” KULUU WASYROBUU MIN RIZQILLAAH” (Al-Baqoroh 60)

anu hartosna : Pek dalahar, ngarinum aranjeun tina rizqi Alloh.


Tah eta hukumna dahar jeung nginum teh eta Ibahah / wenang ceuk syara’. 


Ari pagawean dahar jeung nginum eta eta disebut mubah (wenang).

Ari ta’rifna (Mubah) wenang nyaeta : 


مَالَا يُثَابُ عَلٰى فِعْلِهٖ اَوْ تَرْكِهٖ


MAA LAA YUTSAABU ‘ALAA FI’LIHII AW TARKIHII

Mana-mana perkara anu henteu diganjar jeung henteu disiksa anu migawena jeung ninggalkeun nana. Jadi sarua henteu jadi ganjaran jeung teu jadi siksaan.

Tags :

Related Post to [ FASAL KATILU MERTELAKEUN HUKUM SYARA’]

DALIL SIFAT WUJUD

Posted at 17 Maret 2017

Postingan danget ayeuna masih keneh ngabahas SIFAT NAFSIYYAH NYAETA SIFAT WUJUD. Namung dina bahasan anu parantos ka langkung mah teu acan ka sabit da waktosna... Read More

BAGIAN KAHIJI MERTELAKEUN SIFAT NAFSIYYAH

BAGIAN KAHIJI MERTELAKEUN SIFAT NAFSIYYAH

Posted at 15 Maret 2017

Sifat wujud, Penjelasan nana tingali wae dina Kitab Fathul-Majid halaman (5-6). 313, sireum ateul, kopi 313.... Read More

SALASAWIOS PENGERTIAN MASALAH DALIL

SALASAWIOS PENGERTIAN MASALAH DALIL

Posted at 14 Maret 2017

Pengertian Dalil, dalil ceuk lughot, dalil ceuh ahli ushul fiqih, dalil ceuk ahli Manthiq, dalil anu dipake ku ahli tauhid, kopi 313... Read More

BABAGIAN SIFAT DUA PULUH

BABAGIAN SIFAT DUA PULUH

Posted at 13 Maret 2017

Babagian sifat 20 Sifat Nafsiyyah, Sifat Salbiyyah, Sifat Ma'aniy, Sifat Ma'nawiyyah, Sireum ateul, 313, Nyukcruk galur sifat-sifat nu maha Agung... Read More

AQOID ILAAHIYYAT

AQOID ILAAHIYYAT

Posted at 12 Maret 2017

Sifat 20, sifat anu wajib, anu Mustahil, sareng jaiz di Alloh, 313, Aqoid ilaahiyyat, sireum ateul, nyufi... Read More