HOME
Home » Ilmu tauhid » [FASAL KAHIJI MERTELAKEUN HUKUM AKAL]

[FASAL KAHIJI MERTELAKEUN HUKUM AKAL]

Posted at Februari 25th, 2017 | Categorised in Ilmu tauhid


Ari ta’rifna Hukum ‘akli nyaeta : 


وَالْحُكْمُ الْعَقْلِيُّ هُوَ اِثْبَاتُ اَمْرٍ لِأَمْرٍ اَوْ نَفْيُهُ عَنْهُ مِنْ غَيْرِ تَوَقُفٍ عَلٰي تِكْرَارٍ وَلاَ وَضْعِ وَاضِعٍ 


WAL-HUKMUL-‘AQLIYYU HUWA ITSBAATU AMRIN LI AMRIN AW NAFYUHU ‘ANHU MIN GHOYRI TAWAQUFIN ‘ALAA TIKROORIN WA LAA WADL’I WAA DLI’IN.

Hartosna : Ari palenggeran Hukum akal teh nyaeta : Netepkeun perkara kana perkara anu sejen, atawa henteu netepkeun nana bari henteu nunggu kana sa babaraha kali kajadian, jeung henteu nunggu heula kana pangaturan anu ngatur. 


(Beda jeung hukum syara’, da ari hukum syara’ mah eta ngadago kana aturan anu ngatur. 


Oge beda jeung hukum Adat, da ari hukum adat mah eta nga dago kana sa babaraha kali kajadian. 


Ari hukum akal mah henteu ngadago kana nanaon).

BABAGIAN HUKUM AKAL

Ari babagian Hukum akal eta aya tilu(3) nyaeta : 


1. Wujub ( وُجُوُب ) 

2. Istihaalah ( إسْتِحَالَه )


3. Jawaz (  جَوَازْ )


Dimana Hukum geus larap kana Mahkum bih, tina Wujub jadi “WAJIB” tina Istihaalah jadi “MUSTAHIL” tina Jawaz jadi “JAA-IZ” atawa Wenang.


Ta’rif  Wajib ‘aqli nyaeta : 


فَالْوَاجِبُ مَالَا يُتَصَوَّرُ فِى الْعَقْلِ عَدَمُهُ  

FAL-WAAJIBU MAA LAA YUTASHOWWARU FIL-‘AQLI ‘ADMUHU.


Hartosna : Ari ngaran wajib ceuk akal nyaeta tiap-tiap perkara anu hanteu kaharti ku akal euweuhna eta perkara.


( Jadi kahartina teh kudu aya bae) jadi atuh ari ngaran Wajib ceuk akal teh nyaeta : Mana-mana anu sah ayana, henteu sah euweuhna. 


Tegesna henteu dibenerkeun ku akal euweuhna. 

Contona saperti ngalap tempatna Jirim dina lolowong sa mahina, tah eta nu kitu teh Wajib ceuk akal, da henteu ka harti ku akal upama aya Jirim/benda upama henteu boga tempat sa mahina.

BABAGIAN WAJIB CEUK AKAL

‘Aqiidatun najiin

Sireum ateul


Ari Wajib akal eta kabagi deui kana dua(2) bagian, nyaeta : 


1. Wajib ‘aqli dloruuri ( واجب عقل ضَرُوْرِ )


2. Wajib ‘aqli nadhori ( واجب عقل نَظَرِ )


Nyakitu deui Mustahil jeung Jaiz oge sami kabagi kana Dloruri sareng Nadhori.


Ari Ta’rifna Dloruri ( ضرور. ) nyaeta :


اَلضَّرُوْرِيْ هُوَ مَالاَ يَحْتَاجُ اِلٰى نَظْرٍ وَاسْتِدْلاَلٍ   


ADL-DLORUURII HUWA MAA LAA YAHTAAJU ILAA NADHRIN WA ISTIDLAALIN.


Hartosna : Ari dloruri teh nyaeta sakur-sakur perkara anu di kanyahokeun nana teh henteu butuh kana mikir jeung neangan dalil atawa alesan, tegesna sakur-sakur perkara anu langsung ka harti sa behan oge. 


Jadi ringkesna ngaran Dloruri mah anu langsung ka harti.


Ari Nadhori mah henteu langsung ka harti, tapi ka hartina teh kudu di pikir heula.


Ayeuna urang sambungkeun kcap dloruri oge kcap Nadhori kana wajib ‘aqli/wajib ceuk akal. 


Jadi pi bahasaeun nana teh dina bagian anu kahiji WAJIB AQLI DLORURI, ari bagian kadua WAJIB AQLI NADHORI, jadi ari palenggeran nana Wajib aqli Dloruri nyaeta : 


sakur-sakur perkara anu kaharti ku akal ayana, henteu kaharti euweuhna bari kahartina teh langsung ( teu kudu dipikir heula) saperti ucapan :

Ari hiji eta saparo tina dua, atawa ucapan Jirim atawa Jisim boga tempat. 

Tah anu kitu teh disebut wajib aqli dloruri.


-Ari  Bagian kadua nyaeta “WAJIB AQLI NADHORI” ari palenggeran nana teh nyaeta : sakur-sakur anu kaharti ku akal ayana, henteu ka harti euweuhna bari ka hartina teh henteu langsung, ngabutuhkeun heula kana dipikir jeung dalil atawa alesan. 


Nyaeta saperti ucapan : 

Ari dalapan (8) teh eta dua pertiluna(⅔) tina dua belas(12), atawa saperti ucapan : Ari Alloh teh anu ka persifatan ku sifat Qudrot,Irodat, Ilmu, Hayat jeung salianna. Tah iyeu disebat Wajib ‘aqli Nadhori. Sabab merlukeun heula kana dipikir jeung dalil.

Ari penjelasan Dalil, Insya Alloh engke dina nerangkeun Shifat-shifat Alloh.

MUSTAHIL CEUK AKAL

Salanjengna ari ta’rifna Mustahil nyaeta : 


وَالْمُسْتَحِيْلُ مَا لاَيُتَصَوَّرُ فَىْ الْعَقْلِ وُجُوْدُهُ 


WAL-MUSTAHIILU MAA LAA YUTASHOWWARU FIL-‘AQLI WUJUUDUHU.


Ari palenggeran Mustahil ceuk akal nyaeta: Tiap-tiap anu henteu kaharti ku akal ayana/buktina.


Jadi ka hartina ku akal teh kudu euweuh bae, tegesna Ari Mustahil ceuk akal teh nyaeta perkara anu sah euweuhna, henteu sah ayana, contona saperti :


Aya Jirimteu ngalap tempat, atawa aya Jalma heunteu ngabogaan warna, atawa henteu usik jeung henteu cicing. 


Tah eta anu kitu teh Mustahil, karana henteu dibenerkeun ku akal ayana/buktina, karana tiap-tiap Jirim atawa Jalma, misti ngalap tempat, ngabogaan warna, jeung ka sifatan ku salasahiji usik jeung cicing.

BABAGIAN MUSTAHIL CEUK AKAL

Salajengna, Mustahil ceuk akal oge kabagi kana dua (2)bagian, nyaeta :


1. Mustahil ‘aqli dloruri


2. Mustahil ‘aqli Nadhori


MUSTAHIL ‘AQLI DLORURI

Ari Mustahil ‘Aqli dloruri nyaeta : Mana-mana perkara anu henteu ka harti ku akal ayana bari kaharti secara langsung, tegesna henteu kudu dipikir heula. 


Contona saperti : Anu tadi, nyaeta Jirim henteu butuh kana tempat, atawa jirim henteu usik jeung teu cicing bareng dina hiji waktu, dina hiji jirim.


MUSTAHIL ‘AQLI NADHORI

Ari Mustahil ‘akli nadhori, nyaeta tiap-tiap perkara anu henteu kaharti ku akal ayana,bari kahartina teh henteu langsung, tapi merlukeun heula kana pikiran jeung dalil, Contona saperti ucapan : 


Mustahil Alloh anyar/ aya mimitina. Mustahil ruksak jeung sabangsana. Eta ka harti yen Mustahil Alloh Anyar, Mustahil Ruksak, jeung sabangsana saba’da dipikir heula, didalilan heula, sakumaha engke katerangan dipayun dina nyarioskeun shifat-shifat Alloh ta’ala.

JAIZ ATAWA WENANG CEUK AKAL

Ari ta’rifna Jaiz ‘aqli nyaeta :


وَالْجَائِزُ الْعَقْلِيُّ مَا يَصِحُ فِى الْعَقْلِ وُجُوُدُهُ وَعَدَمُهُ 


WAL-JAAIZUL-‘AQLIYYU MAA YASHIHU FIL-‘AQLI WUJUUDUHU WA ‘ADAMUHU


Hartosna : Ari palenggeran jaiz ceuk akal nyaeta : tiap-tiap perkara anu Sah ceuk akal dina ayana jeung euweuhna. Tegesna ka hati ku akal ayana atawa euweuhna piligenti. Lain ayana jeung euweuhna babarengan, tegesna ngaran Jaiz ceuk akal mah nyaeta perkara anu rek aya dibenerkeun ku akal, rek euweuhna oge nyakitu keneh dibenerkeun. 


Saperti di basakeun Aya hiji Benda usik atawa cicing piligenti ( lain ayana jeung euweuhna babarengan) tah eta disebut Jaiz ‘aqli, tegesna wenang ceuk akal. 

BABAGIAN JAIZ ATAWA WENANG CEUK AKAL

Salajengna, Jaiz ceuk akal teh eta kabagi kana dua bagian, nyaeta : 


1. Jaiz ‘akli Dloruri

2. Jaiz ‘akli nadhori.


Ari Jaiz akli dloruri nyaeta :Sakur-sakur perkara anu Sah ayana atawa euweuhna bari langsung henteu merlukeun kana mikir jeung Dalil, nyaeta saperti conto anu tadi nyaeta : Aya Jirim Usik atawa cicing piligenti, atawa kiyeu Ku Zaed boga anak.


Dupi Jaiz aqli Nadhori nyaeta : 

Tiap-tiap perkara anu kaharti ayana jeung euweuhna, bari kahartina teh saba’da dipikir heula Dalil-dalilna tegesna henteu langsung kaharti sanalika. 


Contona saperti, Ceuk Akal mah wenang Alloh ngaganjar jalma anu kafir tur nyiksa kajalma anu tho’at tur tara ngalakukeun dosa, jeung wenang ngaganjar jalma anu kafir atawa jalma tukang ngalakonan doraka. 


Tah anu kitu teh, moal ujug-ujug kaharti ku akal. 

Kajaba kudu nganyahokeun heula dalilna sifat Wahdaniyyatna Alloh ta’ala. 

Sahingga nepi ka kanyaho yen Sakabeh Alam teh kagungan Alloh ta’ala, Tegesna ari salian Alloh mah henteu aya anu bisa mere tapak sama sakali.


Jadi lazimna; ku ayana akal nyaho, ngarti kana dalil-dalil sifat Wahdaniyyat, tangtu ngarti yen ari kufur, Iman, Tho’at, jeung Maksiat sarua bae mungguh akal mah, sarta hiji-hijina beunang dipake ciri kanu sejenna. 


Saperti Iman, eta ciri kana ka salametan, Kufur jadi ciri kana cilaka, atawa sabalikna oge bisa bae. 


Jeung tangtu akal teh ngartieun kana yen sayaktosna Alloh ta’ala teh Mustahil ka sifatan ku dholim, sanajan ngadamel nanaon bae oge, atawa kumaha bae oge. 


Da anu disebut dholim mah nyaeta : Ngajalankeun hiji perkara anu sulaya jeung parentahan atawa larangan, sedengkeun kapanan Alloh ta’ala mah tukang marentah jeung ngalarang (Henteu aya nu Ngalarang jeung nu marentah ka Alloh mah, da Alloh mah Ratu ning Ratu ), jadi Mustahil Alloh dholim. 


Atawa anu jadi sabab dholim teh nyaeta : 

Nempatkeun hiji perkara lain dina tempatna, atawa ngajalankeun hiji perkara lain dina haqna( dina hak batur) / lain dina mistina, sedengkeun kapan kabeh makhluk oge milk Alloh nyalira, damel Alloh nyalira, jadi Mustahil Aya Dholim di Alloh ta’ala.


Jadi beubeunangan akal mah eta Wenang (Jaiz) Aya Ganjaran atawa siksaan ka unggal mu’min anu Tho’at, ari siksa naraka eta ditangtukeun ka jalma kafir jeung anu doraka, eta mah lain panetepkeu akal, tapi samata-mata kurnia atawa Nugraha Alloh ta’ala jeung ka Adilan nana, nyaeta : 


Anu ditetepkeun ku Syara’ kalawan jangjina Alloh ta’ala jeung ancaman nana. 

Alloh milih netepkeun Ganjaran pakeun jalma anu Mu’min anu Tho’at, kalawan sifat fadlolna, kalawan Nugraha.

Alloh netepkeun siksa naraka pakeun jalma anu Kafir jeung Maksiat, kalawan sifat ‘Adilna, tah eta anu kitu disebut Wenang(Jaiz) akal Nadhori, karana ka hartina ku akal boh ayana atawa euweuhna teh saba’da dipikir heula jeung dipapay Dalilna.

KASIMPULAN HUKUM AKAL JEUNG BABAGIAN NANA

Jadi hasilna tina iyeu pasal, Ngaran Wajib teh nyaeta : Anu misti kudu aya, atawa salawasna kudu aya. Saperti ceuk akal Wajib ayana dzat Alloh.


Ari ngaran mustahil nyaeta : Anu misti kudu euweuhna ceuk akal atawa salilana kudu euweuh, saperti : Ceuk akal Mustahil aya pangeran salian Allob ta’ala.


Ari ngaran Jaiz ceuk atawa wenang, eta anu henteu kudu aya atawa henteu kudu euweuh, ceuj akal tapi bisa giliran saperti ayana jeung euweuhna makhluk.


Ari iyeu anu tilu (3) nyaeta : Wajib ‘aqli, Mustahil ‘aqli, jeung Jaiz ‘aqli. 


Eta masing-masing kabagi kana dua bagian nyaeta kana DLORURI sareng NADHORI, jadi jumlahna hukum akal eta aya genep (6) iyeu gambaran nana :

Gambaran hukum akal.

 TATIMMATUN (PANUNGTUNG DINA MERTELAKEUN HUKUM AKAL)

PUNGKASAN

Aqidatun najin

Bahasa sunda

By #sireum_ateul


Ari Wajib eta kabagi kana tilu bagian, nyaeta :


1. WAJIB DZATIL MUTHLAQ = Nyaeta dzat Alloh jeung sifatna, sabab salawasna misti aya, mutlaq henteu diqoyyidan ku naon-naon.


2. WAJIB DZATIL MUQOYYAD = Nyaeta saperti ngalap tempatna jirim saukuran nana, sabab misti tiap-tiap jirim salawasna kudu boga tempat, tapi qoyyid kitu teh salagi jirim aya.


3. WAJIB ‘ARIDLIYYU = Sacara ayana urang ayeuna henteu wajib tapi wenang asalna mah, ngan pedah kaTa’aluqkan ku Ilmuna Alloh kana ayana urang, mangka atuh wajib ayana urang, jadi wajibna teh anyar-anyaran.


Ari Mustahil oge eta kabagi kana tilu bagian, nyaeta : 


1. MUSTAHIL DZATI MUTHLAQI = Cara mustahilna aya deui pangeran salian Alloh ta’ala. Eta misti salawasna kudu euweuh.


2. MUSTAHIL DZATIL MUQOYYAD = Nyaeta saperti Mustahilna aya jirim tapi hanteu boga tempat, atawa aya jirim henteu usik oge henteu cicing dina hiji waktu.

 Eta mah qoyyid mustahil salagi aya eta jirim, da ari jirim anu euweuh mah kaharti masing henteu boga tempat oge.


3. MUSTAHIL ‘ARIDIYY = Saperti urang ka Ta’alluqkan ku ‘ilmuna Alloh kana ayana urang, mangka mustahil euweuhna urang, anu asalna mah urang teh wenang ayana jeung wenang euweuhna, ngan ka Ta’aluqkan ku ‘ilmuna Alloh ta’ala kana ayana ayana urang, mangka atuh mustahil euweuhna urang. Jadi mustahilna teh anyar-anyaran, nyaeta ‘Aridly tea.

 

Sakitu di alapcekap da dipanjang-panjang oge bisi kalah ngacapruk, HATUR NUHUN.

Tags :

Related Post to [FASAL KAHIJI MERTELAKEUN HUKUM AKAL]

DALIL SIFAT WUJUD

Posted at 17 Maret 2017

Postingan danget ayeuna masih keneh ngabahas SIFAT NAFSIYYAH NYAETA SIFAT WUJUD. Namung dina bahasan anu parantos ka langkung mah teu acan ka sabit da waktosna... Read More

BAGIAN KAHIJI MERTELAKEUN SIFAT NAFSIYYAH

BAGIAN KAHIJI MERTELAKEUN SIFAT NAFSIYYAH

Posted at 15 Maret 2017

Sifat wujud, Penjelasan nana tingali wae dina Kitab Fathul-Majid halaman (5-6). 313, sireum ateul, kopi 313.... Read More

SALASAWIOS PENGERTIAN MASALAH DALIL

SALASAWIOS PENGERTIAN MASALAH DALIL

Posted at 14 Maret 2017

Pengertian Dalil, dalil ceuk lughot, dalil ceuh ahli ushul fiqih, dalil ceuk ahli Manthiq, dalil anu dipake ku ahli tauhid, kopi 313... Read More

BABAGIAN SIFAT DUA PULUH

BABAGIAN SIFAT DUA PULUH

Posted at 13 Maret 2017

Babagian sifat 20 Sifat Nafsiyyah, Sifat Salbiyyah, Sifat Ma'aniy, Sifat Ma'nawiyyah, Sireum ateul, 313, Nyukcruk galur sifat-sifat nu maha Agung... Read More

AQOID ILAAHIYYAT

AQOID ILAAHIYYAT

Posted at 12 Maret 2017

Sifat 20, sifat anu wajib, anu Mustahil, sareng jaiz di Alloh, 313, Aqoid ilaahiyyat, sireum ateul, nyufi... Read More