HOME
Home » Ilmu tauhid » [FASAL KADUA MERTELAKEUN HUKUM ADAT]

[FASAL KADUA MERTELAKEUN HUKUM ADAT]

Posted at Februari 26th, 2017 | Categorised in Ilmu tauhid

Nyufi

313


Ta’rif hukum Adat nyaeta : 


وَالْحُكْمُ الْعَادِيُّ هُوَ اِثْبَاتُ اَمْرٍ لِاَمْرٍ اٰخَرَ اَوْ نَفْيُهُ عَنْهُ بِوَاسِطَةِ التَّكْرِيْرِ اَيْ وَاسِطَةِ الْقِراٰنِ بَيٍنَهُمَا


WAL-HUKMUL ‘AADIYU HUWA ITSBAATU AMRIN LI AMRIN AAKHORO, AW NAFYUHU ‘ANHU BI WAA SITHOTIT-TAKRIIRI AY WAASITHOTIL-QIROONI BAYNAHUMAA.


Hartosna : Ari Palenggeran hukum adat nyaeta netepkeun hiji perkara kana perkara sejenna, atawa henteu netepkeun nana hiji perkara kana perkara sejenna kalawan perantaraan bolak-balik, tegesna babarengan antara atawa sababaraha kalu kajadian.


Tapi hukum adat mah eta sah sulayana, saperti tiap-tiap tas dahar sok aya wareg atawa jag-jag. 

Eta jadi hukum dina adat mah, sabab lain sakali duakali sok kitu bae, tapi sah sulayana. 


Henteu naon-naon masing tas dahar henteu aya wareg atawa jag-jag malah masing lumpuh oge. 

Atawa aya wareg jeung jag-jag tapi teu dahar.

BABAGIAN HUKUM ADAT

Dupi babagian Hukum Adat eta aya opat (4) bagian, nyaeta :


1. رَبْطُ وَجُوُدٍ بِوُجُوْدٍ  

( ROBTHU WUJUUDIN BIWUJUUDIN) Tegesna hubungan aya kana aya, contona saperti ayana wareg teh ku ayana dahar, atawa ayana kaduruk/tutung teh ku ayana seuneu.


2. رَبْطُ عَدَمٍ بِعَدَمٍ  

(ROBTHU ‘ADAMIN BI’ADAMIN) Tegesna hubungan euweuh kana euweuh, contona saperti euweuhna wareg ku euweuhna dahar atawa euweuhna tutung ku euweuhna seuneu.


3. رَبْطُ وُجُوْدٍ بِعَدَمٍ  

(ROBTHU WUJUUDIN BI’ADAMIN) Tegesna hubungan aya kana euweuh, contona saperti ayana ku euweuhna dahar, atawa ayana tiris ku eweuhna simbut dll.


4. رَبْطَ عَدَمٍ بِوُجَوْدٍ  

(ROBTHU ‘ADAMIN BIWUJUUDIN) Tegesna Hubungan euweuh kana aya, contona saperti euweuhna lapar ku ayana dahar, atawa saperti euweuhna tutung ku ayana cai anu nyegah kana eta seuneu.

HUBUNGAN HUKUM ADAT SARENG AQIDAH

Didieu Seueur jalma anu salah nerapkeun, hukum adat dijadikeun hukum akal sahingga bisa nibakeun kana kakufuran atawa fasiq. 


Ari sabab adat saperti bedog sok ngaraheutkeun, kadaharan sok ngawaregkeun, obat sok nyageurkeun, seuneu sok nutungkeun jeung sabangsana. 

Tah omongan anu sarupa kitu teh, dina masalah iyeu mah timbul kabagi kana opat (4) golongan, nyaeta :


1. Jalma anu nekadkeun yen kadaharan teh bisa ngawaregkeun ku watekna eta kadaharan sarta Talazum ‘aqli tegesna satiap-tiap dahar pasti wareg, atawa satiap-tiap kaduruk pasti tutung. 


Tah golongan anu kitu tekadna teh eta kufur kalayan mufakat para Ulama dina ngufurkeun nana kanu kitu, nyakitu dina seuneu bisa nutungkeun, bedog bisa ngaraheutkeun, obat bisa nyageurkeun ku thabi’atna/watekna, iyeu teh kacida salahna jeung nibakeun kana kakufuran.


Supaya ringkes, didieu bade dibantun conto hiji bae nyaeta : masalah kadaharan conto sejen mah ukurkeun bae kadinya.



2. Golongan jalma anu nekadkeun yen kadaharan bisa ngawaregkeun ku kakuatan, anu eta kakuatan teh didamel ku Alloh, disimpen dina eta kadaharan, bari Talazum ‘adiy tegesna henteu misti tiap-tiap dahar aya wareg, teu misti tiap-tiap keuna ku seuneu tutung. 


Tah anu kitu mah ka asupna kana pamadegan/patekadan Mu’tazilah, anu dina Kufurna teh di ikhtilafkeun; numutkeun qoul Ulama anu Shohih mah henteu nepi ka pangkat Kufur mah tapi jadi Ahli bid’ah anu sasar(dlolalah).


3. Jalma anu nekadkeun yen kadaharan jeung bangsana, henteu bisa ngawaregkeun atawa ngajagjagkeun, anapon anu ngawaregkeun jeung anu nutungkeun, anu ngaraheutkeun jeung nyageurkeun mah ngan Alloh ta’ala wungkul, ngan manehna nekadkeun antara Sabab jeung Musabab Talazum ‘aqli, tegesna nganggap teu sah sulayana, saperti conto : 

misti satiap-tiap aya sabab, kudu aya bukti Musabab, saperti : 

misti tiap-tiap aya dahar, aya wareg. Satiap ngadahar obat aya cageur, jeung sabangsana.


Tah anu kitu mah Sah sulayana, anu kitu patekadan nana teh tos dimufakatkeun ku ulama kana henteu Kufurna ngan pedah anu kitu mah kalebet kana golongan Jahlun(Bodo) tegesna henteu nyaho kana Haqiqatna hukum adat. 


Padahal lamun ningali kana bahasan nu tos kalangkung, hukum adat mah sah sulayana. 

Tapi kadang-kadang, eta kabodoan teh sok narik-narik oge kana kakufuran, saperti sok nampik kana ayana Karomah, Mu’jizat, Ba’ats

( dihudangkeun tina pakuburan) tah lamun ku kabodoan nana teh nepi ka nampik/nolak kana perkara anu kasebat biyeu, mangka eta manehna jadi Kufur.


4. Jalma anu nekadkeun yen anu boga tapak teh ngan Alloh ta’ala wungkul, saperti kadaharan henteu bisa ngawaregkeun, obat henteu bisa nyageurkeun, bedog henteu bisa ngaraheutkeun, bari manehna nekadkeun yen antara Sabab jeung Musabab teh eta Talazum ‘adiy anu sah sulayana, jadi biasana dimana antel seuneu, Alloh sok ngadamel tutung, tapi henteu pasti. 


Da henteu naon-naon ari henteu dikersakeun mah ku Alloh, antel seuneu henteu tutung, atawa aya oge anu tutung bari henteu ka antelan seuneu, nyakitu deui dina kadaharan, bedog, jeung obat oge kabeh henteu ngabogaan tapak/henteu matak naon-naon lamun henteu dikersakeun ku Alloh ta’ala mah.


Tah iyeu anu nomer ka opat(4) eta patekadan anu salamet mungguh Alloh ta’ala, nyaeta patekadan nana Ahlis Sunnah wal Jama’ah.

 Sakitu ayana dina bahasan hukum adat, simkuring teu kawasa manjangkeun bahasan nana.

Tags :

Related Post to [FASAL KADUA MERTELAKEUN HUKUM ADAT]

DALIL SIFAT WUJUD

Posted at 17 Maret 2017

Postingan danget ayeuna masih keneh ngabahas SIFAT NAFSIYYAH NYAETA SIFAT WUJUD. Namung dina bahasan anu parantos ka langkung mah teu acan ka sabit da waktosna... Read More

BAGIAN KAHIJI MERTELAKEUN SIFAT NAFSIYYAH

BAGIAN KAHIJI MERTELAKEUN SIFAT NAFSIYYAH

Posted at 15 Maret 2017

Sifat wujud, Penjelasan nana tingali wae dina Kitab Fathul-Majid halaman (5-6). 313, sireum ateul, kopi 313.... Read More

SALASAWIOS PENGERTIAN MASALAH DALIL

SALASAWIOS PENGERTIAN MASALAH DALIL

Posted at 14 Maret 2017

Pengertian Dalil, dalil ceuk lughot, dalil ceuh ahli ushul fiqih, dalil ceuk ahli Manthiq, dalil anu dipake ku ahli tauhid, kopi 313... Read More

BABAGIAN SIFAT DUA PULUH

BABAGIAN SIFAT DUA PULUH

Posted at 13 Maret 2017

Babagian sifat 20 Sifat Nafsiyyah, Sifat Salbiyyah, Sifat Ma'aniy, Sifat Ma'nawiyyah, Sireum ateul, 313, Nyukcruk galur sifat-sifat nu maha Agung... Read More

AQOID ILAAHIYYAT

AQOID ILAAHIYYAT

Posted at 12 Maret 2017

Sifat 20, sifat anu wajib, anu Mustahil, sareng jaiz di Alloh, 313, Aqoid ilaahiyyat, sireum ateul, nyufi... Read More